Avatar

Inka Lestari

@inkalestari / inkalestari.tumblr.com

Sugan anjeun nu jadi batur keur ngungkarakeun sésa umur.
Avatar

Mugia salawasna dina asih-Na mmy...

Avatar

Manehna teu nungguan. Tapi matana tuluy neuteup langit nu aleum. Manehna teu nungguan. Tapi ingetanna parat ka jauhna. Manehna teu nungguan. Tapi lalaunan ngagerentes, Aamiiin.

Avatar
Saestu Nalangit
Saestu ngaranna. Tokoh anyar nu dikirim Gusti keur ngimbangan sakabeh rasa nu tuna. Wening asih marengan saban lengkahna. Saparatna.
Avatar

Ahirna urang tepung jeung poe nu lawas dipikasieun. Neger-neger maneh. Ngaludeung-ludeung karep. Simpe.

Avatar

Ya Allah. Nu Maha Wening. Nu Maha Nyastra. Paparin abdi sadar jeung sabar nu salega langit.

Avatar
Surat keur Calon Panganten
Mun seug kakangen teh aya alamatna, nya ka salira pisan ditepikeunna. Sakapeung wujudna teh siga hujan, sakapeung siga katumbiri. Amis.
Mun seug kakangen teh aya titimangsana, nya saban poe pisan gelarna. Ngawirahma jeung ketug jajantung. Simpe.
Rev, salawasna kakangen ngajadi dunga. Dilangitkeun. Keur anjeun.
Avatar

Diajar ngajenan hirup batur. You don't know me darling.

Avatar
Für Diq
Diq...
Hey nu keur ulang taun. Wilujeng. Barokah rahayu salaput umur. Dirungrum ku rupaning kembang kaasih jeung kabagjaan. Ditangtayungan ku Nu Maha Wening dina saban lengkah jeung lampahna. Jadi sajatina Ros dina Dien.
Diq...
Kuduna mah di dieu teh aya sajak atawa minimal quote quote Sunda nan puitis keur nu ulang taun. Tapi, sigana sajatina nu puitis mah wungkul dunga. Keun, cuang langitkeun ka Nu Di Langit we, nya?
Diq...
Peuting ieu teh bet asa jadi nineung, jeung asa dianjangan deui ku patalekan kalarung. "Ari Gusti naha bet kungsi nepungkeun urang, nya?" Ketang naon wae alesan Gusti, da pasti hade. Dina saban skenario-Na pasti sakabehna bisa disurahan.
Hatur nuhun...
Kungsi marengan dina sababak carita nu amis jeung paitna karasa. Mulas ku pulas nu teu pupulasan. Jadi tokoh nu jujur jeung jadi diksi nu asik.
Sakali deui wilujeng milangkala. Mugia ketug jajantung Jeung lalampahan salawasna ngawirahma keur Mantenna.

Lembang, 21 Oktober 2021
Avatar
Keur Nung Amel Kecil

Hey Nung, budak lucu nan cantik nu nganggo acuk kayas tulisan poxi sareng lancingan balon. Najan tacan kantos pendak tapi pasti imut geulis, da geuning Nung nu ayeuna ge sakitu geulisna. Manis.

Nung...

Ayeuna nuju naon? Di mana? Naha nuju jajan? Nuju diais ku Bibi? Atawa nuju ameng sareng Teh Ayang? Ketang, nuju naon wae Nung ayeuna mugia salawasna aya dina asih-Na. Mugia wae deuih teu nuju nyakseni parade amarah tina hate-hate nu liwung.

Nung...

Deudeuh teuing, budak salucu Nung kudu nyaksian nu ketir kitu. Nalika budak nu sejen mah keur meujeuhna ulin, Nung mah kalah kudu ngabandungan nu lain-lain. Pait. Naha deuih kudu Nung nya nu kudu dipilih jadi tokohna. Naha teu si itu, si eta, manehna, atawa saha we atuh asal ulah Nung. Budak nu kuduna dikeukeup deudeuh. Geugeut.

Nung...

Aya ku endah atuh nya skenario Gusti teh. Urang dikeresakeun hirup dina kaayaan nu asa meulit. Ceuk pikir mah ku teungteuingeun Nung dikakaya rasa siga kitu. Tapi da meureun ceuk Gusti mah bener kitu teh. Nung budak leutik geulis nu kudu nyurahan hirup tina manglaksa pait jeung ruruhit. Deudeuh. Geuning kitu cara Nu Maha Asih mikaasih. Kuatan ih Nung mah. Jagoan.

Nung...

Yap dieu. Ayeuna mah urang lempang deui, najan rumpil ge hayu keureuyeuh. Cuang sampeur langit Gusti nu can kungsi kasaba jeung kabaca. Lalaunan. Antare. Cuang barengan Nung nu ayeuna. Nu nuju berjuang ngarengsekeun sakolana. Cuang barengan dina lalampahanna ngudag cita-cita. Cuang ngarajut, ngalukis, jeung jajan ayam goreng babarengan. Resep geura.

Bismillah. Bakal aya tokoh-tokoh anyar nu marengan urang. Babak anyar. Carita anyar. Episode anyar. Nung, Gusti aya dina pulang-anting. Hayu hirup. Nyaah.

Nung...

Sing Bagja lahir batin

Nu salawasna asih

-ndah-

Lembang , 3 Okt 2021

Avatar

1751 poé ti harita, papastén ngajadikeun urang pangantén... 

Avatar
Satungtung dikukuntit ajal, satangtung diri baal ku ungkara nu teu kedal.
Avatar
Mommy... Tujuh taun ti harita, langit teh kembangan. Kembang teh katumbirian.
Avatar

Urang rek leumpang deui nyorangan. Mapay jalan jeung rumpilna. Nitih asih jeung peurihna. Muru kuwung-kuwung jeung liwungna. Ah, langit alum wae. Ketang bae, da caangna mah dina hate. Aya Gusti nu jangji moal ninggalkeun najan sakedet netra.

Avatar

Wenang lain nu urang

Wening lain keur aing

You are using an unsupported browser and things might not work as intended. Please make sure you're using the latest version of Chrome, Firefox, Safari, or Edge.